Tuesday, August 21, 2007

BD ONLINE PINDAH ALAMAT...!!!

Assalamu'alaikum....!
Hatur Uninga. Weblog Majalah Bina Da'wah Edisi Online parantos ngalih ka www.binadakwah.wordpress.com. Hatur nuhun kana silaturahmina!

Penguman. Weblog Majalah Bina Da'wah Edisi Online sudah pindah ke
www.binadakwah.wordpress.com. Terimakasih atas silaturahminya.

Wassalamu'alaikum...!
Redaksi

Naha Bet Kitu (?)

Ku KI UDIN

LAMUN Rancangan Undang Undang Anti Pornografi jeung Pornoaksi (RUU APP) disahkeun ku legislatif, kawasna bakal aya kajadian anu rada rongkah. Rék teu rada rongkah kumaha, cacakan tacan disahkeun ogé geus pahibut, komo lamun nepika disahkeun.

Kacipta mangkeluk-mangkeluk anu nolak kana éta RUU baris protes bébéakan, baris baruntak bébéakan. Malah teu pamohalan, baris aya layanna. Utamana ti kolompok-kolompok anu ngarasa gemes nénjo sagala karamijudan di ieu nagri. Sabab dihanteu-hanteu ogé, éta RUU téh aya patula-patalina jeung kalangenan katut kasab haram maranéhna.

Ceuk jalma-jalma jejeg, kalangenan katut kasab haram sotéh, da ceuk maranéhna mah sah-sah waé. Taya istilah haram. Nu penting henteu ngaganggu, pokna ogé. Padahal, kanyataanana, ngaganggu!

Pikeun jalma-jalma jejeg, kiwari ukur bisa ngusap dada jeung garo-garo teu ateul. Harepan, kari harepan. Harepan hayang nerapkeun ajen-ajen Islam, di nagri anu réréana urang Islam, jadi sirna. Padumuk ieu nagri téh mémang réréana mah urang Islam, ngan ummat Islamna mah saeutik pisan. Lamun éta RUU nepika bolay, teu disahkeun, hartina mangkeluk-mangkeluk teu jejeg anu baris makalangan. Demi jalma-jalma jejeg, ngégél curuk.

Ku kitu ogé bakal kaharti, leuwih réa anu ngabéla karamijudan tibatan kamaslahatan. Mémang, mun diitung mah mangkeluk teu jejeg téh henteu pati réa. Ngan, nyaéta apan maranéhna mah kagungan dana, gaduh kakuatan, boga sokongan. Salian ti éta, maranéhna ogé boga média, boh média aksi pon kitu deui média grafi.

Lamun RUU tepika ngajanggelek ngajadi UU, kacipta réa kasab jalma ramijud anu udulan. Sabaraha media citak anu baris bangkrut ? Sabaraha media éléktronik, boh tivi boh radio, anu baris tutup. Jalma ramijud (teu eucreug) moal bisa makalangan. Ti mimiti penyiar TV anu olah dada, nepi ka purah mamaos dangdut anu paling Yahuuud! (balikeun tanda pangerona) anu olah pantat, baris leungit pakasaban.

Ku urang kabandungan. Aya sabaraha média citak, boh koran boh tabloid, anu nyuguhkeun pornografi dina saban minggu, dina saban poé. Aya sabaraha média éléktronik anu nyuguhkeun pornoaksi dina saban poé? Tacan penyiar radio anu nyuguhkeun omongan jorang. Acan deuih mangkeluk-mangkeluk anu resep ngobrol dibarung ku cawokah. Pokona, piraméeun wé.

Para kekentong anu kiwari keur makalangan, kawas anu teu mangga pulia. Asa leuwih condong ka beulah kenca. Asa leuwih ngabéla anu teu réa. Asa leuwih sieun ku anu sapira. Asa teu malire kana kapentingan balaréa. Naha bet kitu? Éta kitu pédah anu saeutik mah leuwih réa nguntungkeun? Tapi, nguntungkeun saha deuih? Nya, nguntungkeun para pangusaha. Nguntungkeun Média Masa. Nguntungkeun kasab jalma anu aya patula-patali jeung olah dada, olah paha jeung olah raga.

Upama hiji média citak dibeuli ku hiji jalma, anu macana mah lain ukur anu meulina, tapi baris dibaca ku dua ku tilu jalma. Lamun média citak ramijud (teu eucreug) dibeuli ku hiji jalma ramijud, anu ramijud téh lain ukur manéhna, tapi baris réa anu kabawa ramijud. Baris nambahan mangkeluk ramijud. Cag !***

Monday, June 25, 2007

Laporan Utama Edisi Juli 2007

MELACAK 'ALUMNI AFGHAN'

ABU Dujana ditangkap. Alumni Afghan kembali menjadi sorotan dan tercoreng. Siapa saja Alumni Afghan dan bagaimana aktivitasnya sekarang? Benarkah banyak yang menjadi "antek" Amerika atau intel untuk merusak citra Islam dari dalam? Bagaimana baiknya alumni Afghan bersosialisasi dengan aktivis lain?

Simak Laporan Utama "BINA DA'WAH" Edisi 328 - Juli 2007. Simak pula tulisan menarik lainnya: Ambara KH. Miftah Faridl, KH Athian Ali M. Da'i, HM Daud Gunawan, Tafsir Quran dan Hadits, Hikmah, Biro Jodoh Islami, dan ragam artikel menarik lainnya.

Simak pula lembaran suplemen berbahasa Indoensia TABYIN yang antara lain memuat tulisan lengkap tentang Penerapan Syariat Islam di Indoensia (Perda Syari'ah). Berlangganan: Hubungi Bagian Sirkulasi.*

Hikmah

Asma’ Binti Yazid
Juru Catur Kaum Wanoja


NAMINA Asma’ Binti Yazid bin Al-Sakan Al-Anshari. Kakoncara jadi juru catur (juru bicara) kaum wanoja. Perténtang jeung cerdas. Sajabana ti éta, Asma’ ogé salahsahiji wanoja anu aktif ngarojong jihad tur taya kagimir. Alloh SWT nempatkeun Asma’ jadi hiji syahidah dina oerang Yarmuk, nyatana perang ngalawan urang Nasrani. Asma’ pupus lantaran katinggang tihang paranti nahan kémah. Najan Asma’ pupus, tapi ngaranana dipikatineung ku umat Islam.

Muslim bin ‘Ubaid ngariwayatkeun yén Asma’ kungsi sumping ka Rosululloh SAW. Harita, Rosululloh nuju rempeg ngariung sareng para sahabatna. Asma’ nyarita, “Ya Rosululloh, kuring téh wawakil jaum wanoja pikeun ngadugikeun harepan ka salira. Alloh SWT ngutus salira pikeun sakumna manusa, boh lalaki boh wanoja. Kami ogé ariman ka salira jeung ka Pangéran salira. Tapi, kami salaku kaum wanoja ngarasa kawatesan tina rupaning aktivitas. Kami mah ukur diuk di imah, ngalédan salaki, ngandung budak. Ari kaum lalaki, meunang kaistiméwaan anu leuwih ti kami. Kaum lalaki bisa berjama’ah, ngalaksanakeun Juma’ahan, ngalongok nu gering, ngalayad nu maot, munggah haji sababaraha kali, jeung anu pangistiméwana bisa jihad di jalan Alloh. Iwal ti éta, upama kaum lalaki ngalaksanakeun munggah haji, umroh, atawa jihad, mangka kaum wanoja mah ukur ngajaga harta, nyadiakeun pakéan, ngurus barudak. Naha kami meunang ganjaran anu sarua tina éta sakabéh?” kitu pokna Asma’ kalayan rada kapapanjangan.

Rosululloh SAW ngabagikeun paneuteupna ka para sahabat, kaasup ka Muslim bin ‘Ubaid. Mantenna nyarios, “Naha aranjeun kungsi ngadéngé aya wanoja anu paméntana dina masalah agama leuwih hadé batan ieu wanoja?”
Para sahabat ngawaler, “Ya Rosululloh, kami henteu nyangka upama aya wanoja anu dipaparin hidayah siga kieu…”

Lajen Rosululloh ngarérét ka Asma’ kalayan nyarios, “Mangka sing apal jeung sing paham anjeun jeung kaum wanoja di tukangeun anjeun, yén aranjeun meunang ganjaran anu sarua jeung ganjaran anu diraéh ku kaum lalaki, upama aranjeun ngalayanan salaki aranjeun kalayan hadé, nyaéta néangan ridona jeung nurut kana paréntahna.”

Sabada ngadangu waleran ti Rosululloh SAW, katara pameunteu Asma’ mani hégar nandakeun ngemu rasa kabungahan. Asma’ langsung amitan, sarta ngawawakeun waleran Rosululloh SAW ka wanoja séjén. Salaku juru catur, Asma’ mémang kaitung wantér jeung calakan. Pananya Asma’ ogé apan sakitu cerdasna. Teu anéh upama Asma’ meunang susuluk salaku juru catur kaum wanoja.
Ku ayana kitu, kaum wanoja henteu kudu ngarasa ringrang perkara kaistiméwaan. Lebah dieu, Alloh SWT henteu ngabéda-bédakeun antara lalaki jeung wanoja. Sarua meunang kaistiméwaan, luyu jeung fitrahna. (M. Sudama).*

Friday, May 25, 2007

BD Edisi Juni 2007

Telaah Utama : Dadasar Anu Sasab

Mengupas tuntas ideologi yang sesat-menyesatkan dan tak layak dianut oleh umat Islam. Hanya satu ideologi yang tepat bagi umat Islam dan manusia pada umumnya: Ideologi Islam? Lantas, bisakah ideologi negara yang sekarang dianut kita ubah?

Mengenang Piagam Jakarta
Karena membuka peluang diterapkannya syariat Islam di Indonesia, Piagam Jakarta yang merupan hasil kompromi antara kelompok nasionalis-sekuler dan nasionalis-Islam tidak diberlakukan. Tujuh kata dalam piagam itu pun dihapus. Mengapa? Simak ulasan Adhian Husaini, Ketua Dewan Da'wah Pusat.

Simak artikel menarik lainnya:
Ambara KH Miftah Faridl, KH Athian Ali M. Da'i, HM Daud Gunawan, dan KH Bahrul Hayat.
Simak juga rubrik Tafsir, Mimbar, Pedaran, dan Suplemen Bahasa Indonesia TABYIN yang memuat tulisan tentang Syekh Raid Salah "Syekh Al-Aqsho" dan Naskah tentang Syariat Islam dari Ust. Abu Bakar Ba'asyir, dan masih banyak lagi. Hubungi Sirkulasi BD. Harga hanya Rp 7.500,-

Kursus Singkat Menulis

BD Writing Short Course
“Kursus Singkat Menulis”

Menulis itu mudah. Membuat Buletin Dakwah? Gampang pisan...........
Buktikan, dengan mengikuti kursus “Bisa Menulis dalam Setengah Hari”
Insya Allah…

Minggu, 24 Juni 2007 / 08 Jumadi Tsani 1428 H
Pkl. 09.00 – 17.30 WIB
Gedung Dewan Da’wah Jabar
Jln. Pungkur 151 Bandung Tlp. 4235406

Daftarkan segera, ke Biro Diklat Dewan Da’wah Jabar
Investasi: Rp 50.000,- (termasuk Makan Siang & Buku Panduan)

Materi Pelatihan:
Mengenal Lebih Dekat ‘Dapur’ Media Massa
Kiat Praktis Menulis di Media Massa
Kiat Menerbitkan Buletin Dakwah.

TEMPAT TERBATAS !!!

Umat Loba Diatik ku Atikan Pulitik Sekulér

Ambara: H.M. Daud Gunawan
(Wakil Ketua Umum Dewan Dakwah Jabar)

NU kabandungan ku kuring, umat Islam dina atikan pulitik téh éta kabagi kana tilu hambalan.
Kahiji, golongan anu mibanda kasangtukang atikan pulitik bari icikibung tur makalangan, boh di Orpol atawa Ormas, nepika bag-bagan pulitikna téh éstu ngagolotrok.

Kadua, alamiah, nyaéta golongan pulitikus nu icikibung tur aktif di pirang-pirang ormas atawa orpol kalawan daria bari diwuwuh ku kaparigelan nu geus ngancik dina dirina, sok sanajan dirina téh saukur wedalan sakola handap, saperti SMP atawa SMA. Pulitikus alamiah ieu naratas hambalan kalungguhanana éstu tina hambalan nu panghandapna terus naék nepi ka hambalan pangluhurna bari pengkuh atawa istiqomah.

Prosés berpulitik dirina éstu dimimitian tina hambalan panghandapna, upama dina organisasi pormalna mah ti mimiti tingkat ranting naék ka anak cabang, ti anak cabang ka cabang, ka wilayah terus nepi ka kahambalan pangluhurna. Manéhna parigel dina ngungkulan oge bisa ngahaminan pasualan-pasualan nu disanghareupan ku diri katut masyarakat atawa bangsana.

Katilu, golongan pulitikus nu boga bakat atawa kaparigelan nu bener-bener geus ngancik dina dirina bari ngarojong kana karepna pikeun ancrub makalangan dina widang pulitik kalawan pengkuh ogé diwuwuh ku resep maca buku-buku atawa lingkungan sabudereunana.

Golongan pulitikus nu mibanda bakat ieu bakal ngayuga jadi golongan negarawan nu parigel dina ngagéroh kahirupan bari mihak ka rayat. Golongan pulitikus saperti kieu tara mibanda sikep “kutu luncat” atawa mencla menclé. Pulitikus nu mibanda bakat ieu baris ngigelan pirang-pirang pasualan kalawan daria tur pengkuh dina sikep. Pulitikus negarawan ieu bakal loba ngabéla tur ngaheulakeun kapentingan rayat batan dirina, dalah kumaha ogé ari loba mikiran kana kapentingan rayat mah geus tangtu kapentingan dirina ogé bakal kaperhatikeun.

Jadi, pulitikus negarawan éta kawilang beurat, demi nalika paadu hareupan jeung lawan nu bener dina kaputusan jeung pamadeganana mangka dirina kudu siap ngabenerkeun ka pihak nu jadi lawanna.

SACARA pormalna pendidikan pulitik umat Islam téh lemah. Nu jadi kasangtukang kalemahanana:
Kahiji, umat Islam lolobana teu mibanda atikan pulitik anu muser tur jelas aturanana, ogé leuwih loba diatik ku atikan pulitik sekulér, nepika aya pameredih ti sawatara pasantren di Cianjur, nalika Déwan Da’wah Jawa Barat ngayakeun silaturrahim, nu ngaharepkeun sangkan ahli pulitik Islam getol ngayakeun kagiatan atawa palatihan jeung ngiriman buku-buku siyasah atawa pulitik minangka rujukan atawa keur atikan dina énggoning nyitak barudak-barudak ngora atawa santri sangkan parigel tur beunta dina widang pulitik, demi kiwari kalolobaan pasantrén ogé poékeun tur jauh dina bag-bagan atikan pulitikna.

Upama téa mah aya sabagian umat Islam nu mibanda kaparigelan tur kasangtukang atikan pulitik, tapi demi maranéhna ogé loba anu kaeurad ku pulitik sekulér. Nu jadi kasangtukang kaeuradna kaom pulitisi Islam kana cangreudan sekulér éta, alatan léngkah paripolahna dina pulitik téh teu ditatapakan ku ajén-ajén aqidah Islam nu bener tur lempeng.

Kadua, nu dipibanda ku umat Islam dina bagbagan pulitik ieu nyaéta kurang pokus dina pulitik Islam-na kalawan langsung, pulitik Islam masih dicampur adukkeun jeung pulitik sekulér, contona; naon pangna partéy-partéy Islam éléh galungan, sabab kaumuman ummat Islam boga anggapan yén dina Islam teu diajarkeun bag-bagan pulitik kalawan écés. Padahal, upama urang jujur tur boga karep pikeun neuleuman ajaran Islam kalawan jero, mangka urang baris manggihan, yén sakabéh kagiatan boh kagiatan dina widang ibadah mahdlohna atawa ibadah séjénna, éta euyeub ku ajén-ajén pulitik.

Conto séjénna, nalika urang milih pamingpin, apan kudu ngawengku kana kriteria anu tangtu, lain saukur asal milih. “Satemenna pamingpin maranéh téh ngan wungkul Alloh, Rosul-Na, jeung jalma-jalma anu ariman, nu ngadegkeun sholat jeung nyumponan zakat jeung maranéhanana téh nu sumujud (ka Alloh)” (QS. Al-Maidah: 55).
Dina ayat di luhur, dijentrékeun ku Alloh cara-cara milih pamingpin, sakaligus jeung kriteria pamingpin nu hadé pikeun mingpin.

Katilu, loba nu boga anggapan, yén Islam téh saukur ngatur perkara-perkara anu sipatna sérémonial atawa ibadah mahdloh wungkul. Padahal, dina Islam sistim musyawarah baé geus diatur kalawan écés tur jelas.
Musyawarah upama ku urang dilandikeun kana lembaga nagara teu béda jeung DPR-MPR. Ku sabab dina widang pulitik geus kaancikan sekulér, nu mangrupa nyokot kaputusan dumasar kana jumlah sora nu loba, antukna sistim musyawarah nu diajarkeun ku Islam, nu mangrupa kaputusan jeung katangtuan ditangtukeun ku bebeneran, lain ku jumlah, jadi mingkin teu dipiwanoh ku masarakat atawa ku kalangan pulitisi.

Sok sanajan kiwari nu sistim nu diagem ku bangsa Indonesia téh mangrupa demokrasi, ieu ogé teu kudu ditolak atawa dipahing, tapi ku urang kudu dijadikeun alat pikeun ngahontal tujuan. Upama téa mah alat geus aya dina leungeun urang, mangka kadituna urang bakal bisa ngarukal rekol alat tadi luyu jeung katangtuan ajaran nu diagem ku urang nyaeta Islam. Sistem demokrasi éta bisa dijadikeun alat da’wah lain tujuan da’wah.

SANGKAN ummat Islam kahareupna aya dina kaunggulan tur nyinglar tina kalemahan katut kahengkeran dina widang pulitik mangka urang kudu:
Kahiji, gura-giru nyitak kader pulitik ku cara ngayakeun jeung ngaronjatkeun atikan pulitik Islam nu nyoko kana kapentingan ummat dina hambalan pormal, saperti sakola luhur atawa di pasantren-pasantren, bari teu leupas tina papagon aqidah nu lempeng tur bener. Nepika ngayuga manusa-manusa pulitisi nu loba ngaheulakeun kapentingan ummat batan kapentingan pribadi, dalah kumaha ogé ari geus mentingkeun kapentingan ummat mah kapentingan pribadi oge bakal kabawa.

Kadua, ngagedurkeun palatihan-palatihan pulitik ngaliwatan widang nu teu pormal, ku mangrupa kagiatan-kagiatan atawa palatihan-palatihan di ormas-ormas atawa organisasi kapamudaan. Ogé terus-terusan nganepikeun pamahaman pulitik ka masarakat atawa ummat ngaliwatan majelis ta’lim atawa khutbah-khutbah Jum’at jeung sabangsana, bari pepek tur diwengku ku ajén-ajén Islam, nepi ka ummat “beunta pulitik”. (Alma’/BD).*